Senin, 21 Oktober 2019Tentang Kami|Kontak Kami
CeriaSastra & Humor
Dongeng Pasosore
Digégél Anjing
Kamis, 31 Agustus 2017[394]

“EULEUH.. Abaaah, ku naon cingked?” si Ambu tuturubun tina téras muru kuring nu ingkud-ingkudan.

“Digégél anjing bieu di pasir. Getihan tuh,” cekéng bari nyinglidkeun pangsi.

“Uluuuh, enya waé. Éy, gening meni kitu, Bah? Na keur kumaha, digégél anjing sagala?”

“Keur macul. Ojol-ojol gewewek ti tukangeun. Tuluy kabur anjingna téh. Sieuneun meureun.”

“Kumbah ku cipanas, atuh nya. Méh eureun getihna.”

“Tuh geuning eureun ayeuna mah, Bah.”

Soréna beuki teu garenah.

“Ambu, naha asa nyéksrék kieu awak. Pararanas. Boa-boa tina digégél anjing téa nya?”

“Cik, nempo, Bah. Ah, teu kunanaon, geuning. Tuh teu bareuh. Sarékeun atuh Bah ari teu garenah awak mah.”

“Bah, sholat heula geura, sakeudeung deui gé isya. Euleuh , enya waé geuning meni nyebrét. Hayu atuh urang ka pa Mantri wé.”

Teu bisa némbalan, ukur humarurung.

“Ké atuh urang téang wé nya Pa Mantrina,” cenah bari nyokot cindung.

“Bah, teu nanaon nya ditinggalkeun, da moal lila.”

Teu lila kadéngé panto ngulutrak. Maksakeun beunta. Bray katempo samar-samar si Ambu jeung Pa Mantri.

Jerit kadéngé si Ambu ngajerit bari tutunjuk, ditémpa ku pa Mantri, “Astaghfirulloh…Naon éta?”

Ret kana leungeun, Gusti, leungeun pinuh ku bulu. Disasar tèh geuning saawak-awak buluan panjang kulawu. Goak ngagoak bakat ku reuwas.

“Aaauuu…,” ukur nyora kitu, ngalanglaung.*

Lia Robby - kisuta.com


TAG TERKAIT