Senin, 21 Oktober 2019Tentang Kami|Kontak Kami
CeriaSastra & Humor
Dongeng Pasosore
Hidir
Senin, 11 September 2017[329]

KEUR wirid, réngsé tahajud, aya nu keketrok. Nyampak aki-aki kundang iteuk na lawang panto. Séréngéhna ningtrimkeun ati. Ras ka dongéng ajengan. Mun keur meunang karerepet, ka jelema soleh mah sok datang Nabi Hidir, nu nyamur jadi saha waé. Sor kopina, sor ududna. Sang Nabi ogé ngahékok sangu tiis jeung bala-bala sésa soré. Leleb, kuring neuteup. Antara bungah jeung kagagas pagalo jero dada. Ku kersa anjeunna nyamur jadi andar-andar nu kalaparan. Rarayna kanyos. Rohangan kebek ku dalingding karingetna nu lawas teu mendak sabun. Kuring nyegruk. Tuluy nyuuh kana pangkonanana. Lancingan pangsina nyambuang bau runtah.

“Leres pisan, nun, pun abdi téh nuju seueur masalah...” pok téh, ditungtungan ku ingsreuk. Ka dituna mah kuring nyaritakeun ngeunaan hutang-hutang, pamajikan nu salingkuh. Jeung sajabana, jeung sajabana.

“Sing sabar, Jang. Sugan hiji mangsa kasumpingan Nabi Hidir. Puluh-puluh taun aki gé ngarep-ngarep kasumpinganana. Ngan can pareng waé.”

Geuwat ka kamar cai. Nahan utah nu ti tadi nyelek.*

Rudi Riadi - kisuta.com


TAG TERKAIT