Senin, 21 Oktober 2019Tentang Kami|Kontak Kami
CeriaSastra & Humor
Dongeng Pasosore
Mulang
Senin, 9 Oktober 2017[552]

NANGTUNG di dieu. Asa nangtung tujuh likur taun kalarung. Basa ninggalkeun lembur. Ninggalkeun manéhna jeung orok dina aisan. “Geura lunta, Kang, saacan padanandasa...” Harita. Leungeun tacan cacap mergasa sakur nu ngaduruk Apa hirup-hirup. Kaasup Si Karta. Ngaheneng. Tapi suku nu kandeg. Maksakeun ngaléngkah deui. Teu lila. Anjog. Ngarénjag. Horéng lembur geus jadi astana. “Si Ayang bakal datang...” Ngarénjag deui. Handapeun samoja. Katangén awéwé ruwag-rawig.

Malibir. Ngitung tutunggul. Nyuay-nyuay rimun lebah titimangsana. Sugan aya gedat ngaran manéhna. Randeg deui. Rénghap deui. Suwung. Rahuh. “Si Ayang bakal datang...” Midangdam. Salingker kana rungkun. Neges-neges sora séjén. “Si Wandi anak komunis geus lila modar, Isah! Percumah puluhan taun aing ngawin sia jeung ngurus anak sia!” Atra sakabéhna.

Sebrut. Suku narajang dadana. Disusul peureup meupeuh caréham. Gebru. Modar, Asu! Gabres. Leng. Teu kanyahoan. Bedog nyeceb dina cangkéng. “Rék mergasa bapa aing, hah?” Ngagerem satukangeun. “Anak sia éta téh, Wandi!” Karta. Nyakakak. Manéhna lamur tina teuteupan.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


TAG TERKAIT