Senin, 21 Oktober 2019Tentang Kami|Kontak Kami
CeriaSastra & Humor
Fikmin
Lautze
Jumat, 3 November 2017[306]

MANGPRÉT, sakalumpat-lampét. Nu ngudag beuki deukeut. Reg, hareupeun wangunan. Nyalingker. Ngahékok, deukeut sumur. Jekuk! Bangkieung. Gubrag! Teu walakaya.

“Saha manéh...? Pasti teroris!” Nu jangkung gedé, ngahaok.

“Tong dibéré haté, tuman!” Nu dédépé mairan.

“Uing, Panji. Lain téroris!” Ngeleper.

“Bohong siah, ngaku!” Habek. Jedak! Sirah nenggel témbok. Les. Poék di bumi alam.

Hawar-hawar kareungeu nu ngaderes ngaleu, ngajejewét haté. Kulisik. Nyah, beunta. Seungit hio nyambuang. “Alhamdulillah, geus éling. Bagéa, sing mernah tumaninah. Di Lautze!” Si jénggot panjang nyoara. Rét sakuriling bungking. Rohangan kelir katumbiri. Pribumi hémpak. Ngulincer. Teup. Puluhan panon siki bonténg neuteup. Nyeceb, niruk jajantung.

“Anjeun puasa...? batalan heula kadinyah!” Sor, bapaw, manisan buah persik. Unggeuk. Guligah, laju ngaheruk. Puluhan taun. Puasa, migawé kahadéan. Suku, leungeun, biwir. Nirca!

Sora takbir ngaweuhan. Geueuman. Ngoétan rasa. Rampohpoy, lir dipupul bayu. Brek, sideku.

“Tong geruh, kami geus nyaho. Saha anjeun!”

“Henam, geura beberesih. Sing cengeng. Sing panteng. Prung!”*

Nena Cunara - kisuta.com


TAG TERKAIT