Rabu, 21 November 2018Tentang Kami|Kontak Kami
CeriaSastra & Humor
Dongeng Pasosore
Basa Mang Aja Ragrag
Senin, 1 Oktober 2018[125]

MAKSAKEUN mudik téh lain hayang-hayang teuing pamér. Lain pédah hayang ningalikeun motor anyar. Daék medu lain kitu. Ngan hayang panggih wé jeung dulur katut tatangga di lembur. Sono kacida. Pangpangna hayang panggih jeung Mang Unén katut Mang Aja.

Sanajan lain dulur ka duanana gé, uing kataji ku sikep hirupna. Cacakan tanpadaksa, lolong teu bisa ningali, maranéhna hirup teu nyusahkeun batur. Malahan tetep jadi tulang tonggong kulawargana.

Ngarasa sanasib, duanana layeut ka ditu ka dieu. Malahan dina pagawéan sapopoé gé silibantu. Kaahlianna gé sarua, ti keur bujangannana buburuh purah mangalakeun kalapa. Kebon kalapa nu sakitu legana di lembur téh, mun panén katangkes ku maranéhna. Lain ukur jago naékna, sanajan teu ningali maranéhna nyahoeun kaayaan buah kalapa alaeun. Tibang tangkalna ditakol ku hulu kampak, nyaho sabaraha manggar nu kolot atawa dewegan kénéh.

Pernah tagé misleuk neguh. Kituna téh pédah kabeneran nakolan tangkal kalapa sésa kabentar gelap. Geus muguran. Kari nyelengceng tangkalna wungkul. Jangkung.

Tok tok tok! Mang Unén nakol tangkal kalapa. “Béda ieu mah euy, geus karolot kabéh jigana mah da ngentrung,” cenah bari nanakol deui tangkalna. “Haling wé atuh, keun ku déwék ditaékan,” cék Mang Aja.

Teu talangké, sanggeus Mang Unén nyalingkur mah, térékél wé Mang Aja naékan kalapana. Angsrod…angsrod…gancang pisan. Beuki luhur. Terus ngangsrod. Srod nepi ka tungtung tangkal nu buntung. Milepas. Mang Aja ngalayang ragrag…gubrag!

“Geus wé Ja, cukup samanggar gé,” cék Mang Unén.*

Ki Suta - kisuta.com


TAG TERKAIT