Rabu, 20 November 2019Tentang Kami|Kontak Kami
CeriaSastra & Humor
Fikmin
Bandéra
Minggu, 18 Agustus 2019[174]

NINI Asih. Gumeter. Muka bupét ropohna. Bréh. Salambar bandéra belél. Ngalangkang dina lalamur panon. Gap. Ramo-ramo ngalakay. Ditangkeup. Pageuh. Kawas nangkeup bugang gudawang puluhan taun kalarung. Lalaunan. Dibébérkeun. Dirarampa. Ceg. Jarum jeung benangna. Maneuh ngelelebah ngécos nu soék.

Kulutrak. Panto hareup muka. “Saha?” Haroshos. “Ieu uing, Ni, érté Sukri.” Témbal nu datang. “Aya naon nyanéh geus jol deui baé?” Tonggoy ngécosan. “Wayahna wé, Ni, pagéto mah kudu pindah téa. Saminggu deui wewengkon urang rék dijadikeun komplék tentara.” Tatag. “Naha da salaki kami gé tangtara...” Simpé sakedapan. Ukur gelebug angin. Ngoyagkeun ngaplék sorondoy séngna. Tembus kana bilik katut palupuh carangna. “Heug atuh, kami rék nepungan heula salaki. Tanggal tujuhlas Agustus pagéto téh, nya?” Nyidik-nyidik kalénder.

Diiringkeun Hansip. Nini Asih. Ngalénghoy pangtukangna. Nuturkeun antayan nu sarua kapaksa ninggalkeun lembur. Sanggeus sawatara anggang. Kandeg. Rét. Ka buruan imahna. Samar-samar. Bandéra beureum-bodas. Ditihangan gantar bobo. Nanceb luhureun hiji tutunggul. Ngélébét. Beuki ngélébét. Laju rangsak.*

 

Ari Andriansyah - kisuta.com


TAG TERKAIT